Jumat, 11 Februari 2011

Carita Wayang


1.      Sajarah Pagelaran Wayang
Pagelaran wayang téh lilana sapeuting jeput. Dina magelarkeunana, wayang téh diigelkeun ku dalang. Pagunemanana maké basa Sunda. Ari jejer caritana, biasana nukil tina carita Mahabarata jeung Ramayana. Waditra nu dipaké mirigna gamelan saléndro.
Ti mimiti taun 1920-an, dina pagelaran wayang téh sok aya sindén. Nepi ka dina taun 1960-an mah sindén téh leuwih sohor batan dalang, lantaran nu lalajo téh kataji ku sorana nu halimpu. Pangpangna keur jaman sindén Titim Patimah jeung Upit Sarimanah.
Dalang wayang golék nu kungsi sohor diantarana waé: Tarkim, R. U. Partasuanda, Abéng Sunarya, jeung Apék Gandamana. Kabéhdieukeun nu sohor téh aya Dédé Amung Sunarya, Asép Sunandar Sunarya, jeung Cécép Supriadi. 

2.      Bébédaan Pagelaran Wayang Baheula jeung Ayeuna
Bédana jeung baheula, pagelaran wayang golék ayeuna mah henteu sapeuting jeput. Bisa ngan ukur sajam ogé. Caritana ogé henteu matok kana babon Mahabarata jeung Ramayana. Kiwari loba dalang-dalang ngora, sok midang dina TV jeung radio. Malah ayeuna mah lalajo pagelaran wayang téh bisa dina TV, da geus aya VCD. Caritana gé lolobana ukur banyolan Si Cépot atawa balad-balad Buta.

3.      Unsur Pagelaran Wayang Golék
a.      Kakawén nya éta dalang nembang maké basa kawi,
b.      Murwa nya éta kekecapan bubuka sabada kakawén,
c.       Nyandra nya éta proloh nu dibacakeun ku dalang sabada murwa, jeung
d.      Antawacana nya éta paguneman atawa dialoh antar tokoh.
e.       Tutup Lawang Sigotaka nya éta panutup carita wayang






1 komentar: